Upaya Kepala Desa dalam Mewujudkan Kemandirian Desa

Berikut ini adalah naskah pidato Kepala Desa Ciburial pada acara “Pasanggiri Biantara Sunda” se-Kabupaten Bandung dalam rangka memeriahkan HUT Kabupaten Bandung ke-370.

Naskah pidato berbahasa Sunda ini disampaikan Kepala Desa Ciburial pada “Pasanggiri Biantara Sunda” se-Kabupaten Bandung yang diselenggarakan pada tanggal 14 April 2011.

Naskah pidato ini berjudul “TAREKAH PUPUHU DESA DINA NGAWANGUN DESA PIKEUN NGAWUJUDKEUN DESA MANDIRI”

TAREKAH PUPUHU DESA DINA NGAWANGUN DESA

PIKEUN NGAWUJUDKEUN DESA MANDIRI

Assalamu’alaikum Wr Wb

Hadirin anu sami-sami linggih,

Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung, paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.

Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar judul ieu biantara anu unina “ TAREKAH PUPUHU DESA DINA NGAWANGUN DESA PIKEUN NGAWUJUDKEUN DESA MANDIRI”.

Hadirin nu dipihormat,

Ngawangun désa pikeun jadi désa mandiri memang teu gampang; aya sawatara tarekah penting anu perlu dikembangkeun dina ngarojong kaberhasilan ngawujudkeun kamandirian desa.

Tarekah-tarekah dimaksud, (3 tarekah), nyaeta:

Kahiji, ayana partisipasi aktip ti warga masyarakat anu baris jadi modal sosial. (Nga-aplikasi nila-nilai budaya lokal, khususna budaya Sunda nyaeta prinsip sabilulungan)

Kaarifan nilai-nilai budaya lokal dina aspek kagotongroyongan tur ka-swadayaan patut didayagunakeun, dimumule, tur di kembangkeun. Kanggo naon?

Supaya jadi potensi anu epektip dina ngalaksanakeun pemberdayaan masyarakat.

Sumanget gotong-royong anu ngagambarkeun kerbersamaan warga, némbongkeun rasa memiliki (tanggung jawab) dina raraga dina ngahontal kamandirian désa.

Partisipasi masarakat mangrupa hiji pakakas ampuh pikeun nga-mobilisasi sumber daya tur potensi lokal, nga-organisasi sarta muka tanaga, kaarifan, sarta kreativitas masarakat. Partisipasi masarakat ogé mantuan usaha identifikasi kaperluan masarakat, sarta mantuan ngatur aktivitas pangwangunan ambéh sanggup nyumponan kaperluan anu diperlukeun.

Dina konteks kaberlanjutan ti tahapan désa mandiri, partisipasi masarakat tiasa katinggal dina miara sarta ngembangkeun bantosan (stimulan) ti pamaréntah. Minangka ilustrasi, pangwangunan MCK di desa mandiri sehat. Partisipasi warga tiasa katinggal dina prosés panambahan volume MCK anu dibikeun pamaréntah ngaliwatan panyadiaan tanaga, panyadiaan konsumsi, sarta ngarawat MCK anu geus dibikeun ngaliwatan dana stimulan pamaréntah.

Hadirin nu dipihormat,

Partisipasi masarakat dina prosés ngawujudkeun desa mandiri, hartosna ngarobah paradigma pangwangunan désa, anu sawatara waktu kapengker mosisikan masarakat salaku objek, sarta kurang kalibet dina parumusan masalah sarta penyusunan kawijakan jadi bagian ti jejer anu ngabogaan peran dinapangwangunan.

Partisipasi ogé méré pamahaman ka masarakat désa kana tujuan anu rék dihontal, ku kituna mecenghulkeun kasadaran kana pentingna program anu dilaksanakeun. Dina tataran leuwih laér, partisipasi mangrupa léngkah mimiti guna ngarobah budaya anu salila ieu jadi bagian ti akar pasualan tinggaleunna désa.

Partisipasi warga sacara henteu langsung mangrupa refleksi tingkat kapercayaan (trust) di masarakat. Nginjeum terminologi Francis Fukuyama dina The Social Virtues And The Creation of Prosperity, tingkat kapercayaan mangrupa salah sahiji aspék penting dina nyorong prosés kamajuan hiji bangsa.

Kadua, Kapamingpinan sarta Inovasi Aparatur Desa, nyaéta Pupuhu Desa (kepala Desa), anggota BPD, sarta inohong masarakat di jerona. Kapamingpinan anu epektip baris sanggup ngusikkeun partisipasi warga sacara maksimal, henteu ngan dina tataran kepatuhan, tapi leuwih ti éta ngabalukarkeun kasadaran warga kana prosés nuju désa mandiri. Di sagigireun eta, tinangtu, ngamaksimalkeun potensi sumber daya anu aya, boh sumber daya alam (SDA)-na boh SDM-na.

Inovasi diperlukeun dina raraga nyiptakeun program atawa ngembangkeun program anu geus kalaksana. Nginget tacan kabéh masarakat désa sanggup berkreasi nyiptakeun inovasi, diperlukeun pupuhu desa minangka pamicu sakaligus motor inovasi kasebut.

Hadirin nu dipihormat,

Henteu éléh penting peran pupuhu desa minangka mediator dina néangan sumber-sumber waragad (dana) dina raraga ngembangkeun desa mandiri. Forum sepertos musyawarah rencana pangwangunan (musrenbang) désa nepi ka tingkat kabupatén, jadi wadah anu epektip pikeun usaha nyukseskeun program ngawujudkeun désa mandiri.

Katilu, Pangwangunan sarta Pangembangan Infrastuktur Kalembagaan anu saluyu jeung dimensi kamandirian anu rék dihontal, samisal koperasi, kelompok (jumplukan) tani, lumbung désa, forum desa sehat, kader Desa Sehat, sarta kelompok masyarakat penggerak pariwisata (kompepar).

Kelembagaan kasebut boga fungsi minangka wadah parencanaan program, nu ngokolakeun sarta ngadistribusi informasi, ngawangun kasadaran masarakat désa, ngaronjatkeun kualitas SDM, wadah curah pamadegan sarta pikir antarwarga, sarta ngalancarkeun prosés nuju désa mandiri.

Dina konteks désa mandiri ékonomi, contona, koperasi sanggup merankeun diri minangka panyadia modal, panyadia sarana prasarana nu ngarojong usaha warga, sarta minangka sokoguru ékonomi désa.

Forum desa sehat dina konteks désa mandiri sehat, miboga peran minangka wadah pikeun nyosialisasikeun informasi wanda kaséhatan ka kader kaséhatan, méré bimbingan kaparigelan ka kader desa sehat, sarta wadah rembuk warga ngeunaan pasualan kaséhatan désa anu perlu diantisipasi. Kitu ogé lembaga-lembaga séjénna dina prosés nuju désa mandiri.

Mung sakitu anu kapihatur, sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan, bobot pangayon timang taraju aya di para ibu, jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi surti sarta ngarti aya di dewan juri.

Bandung, 14 April 2011

Kepala Desa Ciburial,

IMAM SOETANTO, S.E.

KLIK DISINI untuk mendownloadnya.

Tinggalkan sebuah komentar

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.

3 pemikiran di “Upaya Kepala Desa dalam Mewujudkan Kemandirian Desa”